Basa Indung Ulah
Sina Pundung
Oleh: Ruhiman
Guru MTsN 2
Bandung Barat
ÂÂ
Tulisan
ini dalam rangka memperingati Hari Bahasa Ibu Internasional yang diperingati
setiap tanggal 21 Februari. Saya gunakan bahasa Sunda dalam tulisan ini
berkaitan dengan hal tersebut.
**
Indonesia
miboga mangratus-ratus basa wewengkon (daérah) nu sumebar di unggal pulo. Ieu
hiji banda nu gedé ajénna. Tina ratusan nu kacatet, nungtutan laleungitan. Padahal,
éta basa wewengkon téh lolobana jadi basa indung pikeun panyaturna.
Hirupna
hiji basa ku sabab dipake pikeun komunikasi sapopoé ku kelompok pamaké basana.
Kacindekanana, basa nu tumpur téh ku sabab teu dipaké. Kasang tukangna loba.
Bisa ku lantaran pamaké éta basa geus maraot, atawa pindah tempat turta maké
basa anyar. Ieu kajadian tumiba ka sababaraha basa nu tadina hirup di kelompok
masyarakat pedalaman. Parandéné kitu, teu nutup kamungkinan bakal tumiba ka
basa sejénna dina hiji waktu ka hareup.
Basa
Sunda nu jumlah panyaturna leuwih ti 30 juta kiwari, jadi basa indung keur
umumna padumuk Jawa Barat. Disagigireun reueus, tangtu aya kahariwang anaseug
ngabandungan basa séjén nu tumpur. Pancén urang Sunda sorangan nu tangtuna
pikeun miara tur ngembangkeunana sangkan terus dipikawanoh, dipaké, copélna ku
urang Sundana sorangan.
Mun
nilik kana katangtuan nagara, teu nyalahan mun urang miara basa indung. Sabab
hal ieu ditangtayungan ku undang-undang. Basa daérah di nagara urang mangrupa
banda nu gedé ajénna turta jadi indikator beungharna budaya bangsa Indonésia. Sagigireun
éta tangtu jadi poténsi nu bisa ngaronjatkeun panghasilan, asal bener dipiara
turta dipromosikeun.
Cenah
aya nu nyebutkeun yén maké basa Sunda téh bangga alias hésé. Meureun bener keur
nu teu daék diajar mah. Cenah ogé lantaran aya undak-usuk basa nu jadi
alesanana. Bisa jadi. Antukna sieun jeung embung nyarita ku basa Sunda da sieun
salah.
Geura
urang titénan kalimah-kalimah di handap nu remen kabandungan dina paguneman
sapopoé.
1.
Abdi angkat tabuh tujuh ka kantor.
2.
Ti enjing-enjing, sim kuring teu acan tuang.
3.
Naon ku kedah ku abdi dicandak, Bu?
4.
Sindang heula ka bumi abdi, Pa.
5.
Alhamdulillah, pun anak nu katilu mah pameget.
ÂÂ
Kalimah-kalimah
di luhur kaharti maksudna. Nu jadi pasualanana taya lian iwal undak-usuk basana.
Ari undak-usuk basa éta kaunikan dina basa Sunda nu ngawengku kecap lemes,
loma, jeung kasar. Ari dipakéna réréana gumantung kana kontéks kaayaan, jalma
nu diajak nyarita, jeung jalma nu dicaritakeun.
Contona,
kecap lemes biasa dipake keur ragam hormat, dina situasi resmi, atawa
nyanghareupan jalma nu saluhureun umurna, ka kolot, ka guru, nu boga
kalungguhan, jeung nu lianna. Kecap loma atawa akrab di antarana dipaké dina
paguneman jeung nu geus wanoh, jeung sahandapeun atawa batur saumur. Sedengkeun
kecap kasar dipaké pikeun ka sato. Malahan sok dipaké ogé pikeun ngungkabkeun
kaceuceub ka jalma nu goréng talajakna: bangsat, koruptor, jeung nu lianna. Contona,
kecap héés, nyatu, paéh, jeung réa-réa deui.
Dina
kalimah di luhur, sacara undak-usuk salah dina ngalarapkeun kecap pagawéan keur
ka sorangan. Dina kalimah kahiji kuduna mios; ari angkat mah pan
keur ka batur. Kitu deui kecap tuang nu kuduna neda; dibantun
lain dicandak; rorompok, lain bumi.
Kalimah
kadua jeung kalima, kecap nu cocog mah isuk-isuk lain énjing-énjing,
pon kitu kecap pameget, alusna mah lalaki. Sok sanajan teu
ngarobah harti, éta kecap-kecap téh karasa ngadaban (ngahormat) diri sorangan,
sedengkeun sacara étika, gunana undak-usuk basa téh pikeun ngadaban ka batur.
 Kiwari, undak-usuk basa téh geus jadi banda
urang Sunda. Pon kitu deui pupuh, jeung istilah tatanén nu asalna tina basa
Jawa. Éta pangaruh lumangsung mangsa sabagian gedé tatar Sunda aya dina
kakawasaan Mataram. Saméméh éta mah mun urang nempo titinggal luluhur Sunda nu
mangrupa tulisan (prasasti atawa naskah), moal manggihan undak-usuk basa. Bawirasa,
nya urang tarimakeun bari terus dimumulé da basa mah pan dinamis.
Conto
séjénna nu mindeng kabandungan salah nya éta dina nuliskeun aksara /é/, /e/,
jeung /eu/. Geura urang titénan contona.
1.
Wilujeung sumping di Kampung Sukatani.
2.
Uing jeng Udung we nu geutol ngaronda mah.
3.
Ema mah keur gegeroh di pawon.
4.
Jam sakieu mah memejehna dahar.
5.
Pamugi janteun pangbeubeurah manah.
ÂÂ
Beda
jeung bahasa Indonesia. Dina basa Sunda Latén, fonem /e/ miboga tilu simbul
tulis: /é/, /e/, jeung /eu/. Conto larapna dina kecap: kécap, jéngkol,
koréak, bacéo, bahé, saré, lélé, émbér, bébér, kembar, jengkar, dedegan,
beberah, genggerong, wilujeng, bekel, hérang, teuas, taleus, beungeut, kareueut,
keueung, beubeur, jeung rea-rea deui.
Kasalahan
tulis dina kalimah-kalimah di luhur tangtu bisa katempo. Lima kalimah éta
kasalahanana iwal ti nuliskeun é, e, jeung eu. Mun dioméan kuduna
kieu:
1.
Wilujeng sumping di Kampung Sukatani.
2.
Uing jeung Udung wé nu getol ngaronda mah.
3.
Ema mah keur gégéroh di pawon.
4.
Jam sakieu mah meumeujehna dahar.
5.
Pamugi janten pangbeberah manah.
 **
Ieu
tulisan pikeun ngageuing diri sorangan nu utamana. Basa Sunda salah sahiji tina
budaya nu kapimilik ku urang Sunda. Pan basa téh jadi ciri nu utama ayana hiji
sélér bangsa di ieu dunya.
Ngeunaan
kasalahan-kasalahan nu sok remen kabandungan boh dina basa lisan atawa tulisan
basa Sunda, éta hal wajar. Teu kudu jadi eureun diajar basa Sunda. Ngan
tangtuna perelu ogé urang diajar kana palanggeranana minangka padoman basa nu
geus jadi kasaluyuan saréréa. Pan hal éta teh lahir tina pamikiran nu didasaran
ku akal budi nu jadi ciri punjulna manusa ti batan mahluk lianna.
Basa Sunda banda
urang. Jadi alat pikeun mikir, komunikasi, ngébréhkeun parasaan, kamandang,
jeung nu lianna. Urang piara, ulah ditundung bisi pundung, antukna diaku
batur. ÂÂ